narasi deskripsi eksposisi argumentasi nyaeta Pangartian Karangan Narasi: Narasi nyaeta tulisan atawa karangan anu eusina ngebrehkeun lumangsungna peristiwa atawa kajadian, boh nyata, boh rekaan. Contona: dongeng, novel, carita pondok, biografi, sketsa, kaayaan hiji kajadian, jeung saterusna. Pangartian Karangan Deskripsi: Deskripsi nyaeta tulisan atawa karangan anu eusina ngadadarkeun atawa ngebrehkeun kagiatan indra (panempo, panguping, pangrasa, panyabak, pangambeu) minangka hasil pangalamanana. Karangan deskripsi ngagambarkeun objek sajentre-jentrena. Pangartian Karangan Eksposisi: Eksposisi nyaeta tulisan atawa karangan anu eusina ngajentrekeun atawa nerangkeun hiji objek/kajadian, kumaha prosesna, tujuanana, pikeun ngajembarkeun pangaweruh hiji jalma, kumpulan jalma atawa organisasi/kelembagaan. Pangartian Karangan Argumentasi: Argumentasi nyaeta tulisan atawa karangan anu eusina ngajentrekeun bener henteuna hiji perkara dumasar kana alesan nu kuat nepi ...
Komentar
Posting Komentar